Laman

Tampilkan postingan dengan label Wangsit Pangeran Papak. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Wangsit Pangeran Papak. Tampilkan semua postingan

Wangsit Pangeran Papak

Wangsit ti Pangeran Papak (R. Wangsa Muhammad)
Tanggal: 8 April 1982. Katampi ku: R. Hidayat Suryalaga.

Rumaksa ing jagat kabeh,
rumaksa ing kujur diri,
rumaksa taya petotna,
saking ati nu berbudi,
perceka ngagarap rasa,
nu nitis ti alam suci.

Sujud tilu kana tilu,
opatna sahabat mami,
kalima pancering awak,
tujuh nema dina wujud,
salapan dadasar raga,
sawelas pungkasan diri.

Puguh nuhun kudu kitu,
da eta jalaning suci,
kudu sabar ku cocoba,
kapan geus pasti geus jangji,
ulah luncat ti subaya,
wayahna peurih saeutik.

Upama hirup geus wujud,
bakal karasa ku yakin,
aya teh dina teu aya,
teu aya teh dina saksi,
nyaksi yen ukur teu daya,
kumambang ka kersa Gusti.

Rum arum sadarum jati,
jati jatining kang suci,
kapan aya papay raratan,
raratan wincikan lahir,
gumelar geus ti baheula,
di dunya ukur arulin.

Muga estu ka satuhu,
ulah ngijing sembah salah,
tuluyna ruksak rohaka,
jadi jejerih ku bukti,
sagala sieun ku boa,
nuturkeun rungsing berewit.

Kum, Ahum Wali Yang Agung,
Bis - Mim Waliyul diri,
Lam, Alip dina mamaras,
mangka buka mangka yakin,
da eta jejeran gelar,
tuturkeuneun nu perwinci.

Opat teh sada awalna,
lima teh sada ahirna,
ayana di la illaha,
nema dina illalohu,
anjogna waliyulloh nu hakiki.

Sumujud tuhu ka estu,
sumujud yakin hakiki,
sumembah di ka-Allah-an,
sumungkem di kahayatan,
insan sumujud ka insan,
Gusti sumujud ka Alloh.

Mim, Dal, Mim, Nun.

Keur hidep:
iup bayu tiup rahayu,
angin leutik ti Lohmahfud,
jaregjeg raga sukmana,
cageur bageur hirup-hurip,
bray caang, bral geura miang,
sanghareupan nu hakiki.

Kitu kuduna nu hirup,
mapay ka raratan diri,
ti mana mulang ka mana,
ti mendi balik ngajadi,
mun mulang rebo bawana,
balik ngahariring leutik.

Turungtung tepi ka puhu,
paralak ku raga suka,
ditabeuh pinuh kadeudeuh,
Allohu - Allohu kula rek datang,
dalitkeun dina hakekat,
hayang nyurup puhu tungtung