Seueur pisan rerencangan (sanes urang sunda) nu naroskeun ka kuring, soal "Naon sabab urang sunda mayoritas agamana Islam jeung kunaon mani babari pisan ngagem kana ajaran Islam?"
Inget kana pertarosan ieu, minggon kamari nuju boboran di ciamis, kuring
ngahajakeun silaturahim kanu jadi guru di hiji lembur di lereng gunung
papandayan - garut, waktuna paamprok sareng pun guru pok we ku kuring
teh ditarosan ku pertarosan nu diluhur tadi, anjeuna ngajawab singket
pisan, cenah :
"Da islam mah memang agamana urang sunda, urang sunda asli geus pasti agamana islam."
kuring bingung, ku kuring ditaros deui naon maksudna, tuluy anjeuna nyarios deui :
"Samemeh datangna aqidah Islam anu mawa ajaran Tauhid, urang sunda
mah geus leuwih tiheula Nauhid, urang sunda baheula ngan nyembah jeung
muja ka hiji Sanghyang Widi (gusti nu ngawidian / tuhan yang memiliki
kehendak atau yang memberikan izin) nyaeta gusti nu ngagaduhan Widi,
atawa sok disebut oge Sang Hyang Kersa (Yang Mahakuasa) atawa Nu Ngersakeun (Yang Menghendaki). oge sok disebut Batara Tunggal (Tuhan yang Mahaesa), Batara Jagat (Penguasa Alam), jeung Batara Seda Niskala (Yang Gaib). anu nempat di Buana Nyungcung (Sidrotul-Muntaha). tah
sanggeus datangna Islam ka tatar Sunda diperjelas we ku Sifat
Wahdaniahna Gusti dina ajaran Tauhid nu nerangkeun sifat Wajib jeung
Mustahilna Allah (Sanghyang Widi - ceuk urang sunda)."
Jadi ringkesna mah, "Tibaheula ge urang sunda mah geus wawuh ka Allah
nyaeta kanu hiji nu dipikagusti, tegesna Sanghyang Widi teh Allah tea
anu ngagaduhan widi. Matak mun diajak nyembah pangeran anu aya 3 atawa
lewih loba teh moal daraekeun, iwal ti nu barodo jeung nu kadaresek ku
haliah dunya." kitu saur anjeuna. Sanajan cariosanana rada beda sareng nu kacatet dina sejarah kanekes perkawis ngahyang/tilem
(nyaeta puncakna elmu dina tarekat sunda buhun, samemeh datangna Islam
nu jadi panyampurna sakabeh ajaran para Nabi anu jumlahna aya 124.000),
ieu jadi bahan fikiran keur kuring, bisa jadi pangna disebut Parahyangan
ge meureun baheulana para Nabi anu nga-hyang teh seuseurna ti Tataran
Sunda. jeung bisa jadi penganut sunda wiwitan anu teu narima kana islam
teh saking ku sieunna kaleungitan ajaran buhun bari manehna can nyaho
yen datangna Islam teh keur Nyampurnakeun ajaranana.