Urang Sunda mangrupakeun salah sahiji séké sélér nu ngeusi
utamana bagian kulon pulo Jawa, populasi kadua panglobana di Indonésia.
Luyu jeung sajarahna, urang Sunda lolobana sumebar di lemah caina nu
kiwari sacara administratif sumebar di propinsi Jawa Kulon, Banten, Jawa
Tengah, DKI Jakarta, jeung Lampung kidul. Lian ti éta, program
transmigrasi ti Tatar Sunda ka sababaraha wewengkon di Kalimantan jeung
Sulawesi ogé ngahasilkeun kantong-kantong masarakat Sunda, katambah ku
pribadi-pribadi nu sumebar di sakuliah dunya, nu utamana kadorong ku
motif ékonomi.
Basa Sunda
Umumna mah urang Sunda maké basa Sunda (aya sababaraha basa wewengkon,
nu masing-masing boga ciri) dina paguneman sapopoé, ngan ka dieunakeun,
basa Sunda téh beuki kadéséh ku basa gaul lianna, utamana ku basa
Indonésia salaku basa nasional di Indonésia. Di wewengkon wates atawa nu
sacara tradisional loba sélér séjén (Jawa), ilahar ogé dipaké basa
campuran (Jawa Réang, Jawa Sérang), gumantung jeung saha ngobrolna.
Kadéséhna basa Sunda ku basa Indonésia dipangaruhan ku sababaraha hal,
di antarana kusabab basa Sunda teu kungsi dipakéna sacara formal, ayana
béda basa wewengkon nu kadang dianggap nyusahkeun (sieun salah), sarta
lobana sélér séjén nu datang ka Tatar Sunda.
salaku basa nasional di Indonésia. Di wewengkon wates atawa nu sacara
tradisional loba sélér séjén (Jawa), ilahar ogé dipaké basa campuran
(Jawa Réang, Jawa Sérang), gumantung jeung saha ngobrolna. Kadéséhna
basa Sunda ku basa Indonésia dipangaruhan ku sababaraha hal, di antarana
kusabab basa Sunda teu kungsi dipakéna sacara formal, ayana béda basa
wewengkon nu kadang dianggap nyusahkeun (sieun salah), sarta lobana
sélér séjén nu datang ka Tatar Sunda.
Budaya
Numutkeun sajarahna, cenah mah urang Sunda téh boga dasar budaya huma,
sahingga condong ka solitér. Titinggal kaadaban kolot kapanggih di
wewengkon sisi Situ Bandung Purba, Guha Pawon, sarta sababaraha situs
arkéologi mangrupa kabuyutan/pamujaan mégalitik. Di Nusantara/Indonésia,
bukti arkéologis nunjukkeun yén kaadaban tulis pangkolotna téh aya di
Tatar Sunda. Karajaan-karajaan Sunda nu kacatet dina sajarah atawa
katalungtik titinggalna aya sababaraha karajaan, di antarana
Salakanagara, Kendan, Tarumanagara, Sunda, Galuh, Sumedanglarang,
Cirebon, jeung Banten.
Ageman
Numutkeun titinggal arkéologis sarta naskah-naskah Sunda kuna nu tos
katalungtik, urang Sunda jaman baheula boga ageman monotéis, nu ka
dieunakeun kapangaruhan atawa katambah ku ajaran Hindu, Buda, Islam,
jeung Kristen. Ageman pituin urang Sunda (Sunda Wiwitan) bisa kénéh
ditempo di Kanékés, Banten, nu ti jaman baheula ngurung manéh tina
kamodérenan. Kiwari, kalolobaan urang Sunda ngagem Islam.
Upajiwa
Alam Sunda nu taneuhna subur ngarojong ka urang Sunda kana hirup
tatanén, boh anu mangrupi: sawah, huma, pakebonan sayur, jeung leuweung
produksi. Ka dieunakeun, ku mekarna industri jeung dagang, pakasaban
urang Sunda jadi rupa-rupa sakumaha ilaharna bangsa lian.
Stratifikasi sosial
Urang Sunda mah cenah katelah égalitér, kagambarkeun tina basa nu dipaké
ku gegedén karajaan jeung cacah dina carita-carita tradisional nu teu
wanoh kana undak-usuk atawa tingkatan basa. Kadieunakeun, utamana ti
saprak dijajah Mataram, "kamonésan" Sultan Agung dina nyiptakeun
undak-usuk basa ditiron ku para ménak Sunda, nu hasilna mangrupa
jungkrang antara ménak jeung cacah. Dina jaman dijajah Walanda, dua
tingkat sosial ieu kasambung ku istilah priyayi, golongan pagawé
pamaréntahan (birokrat, militér, jeung guru) nu sabenerna mah lolobana
kaasup golongan ménak kénéh. Dina awal abad ka-20, strata sosial ieu
beuki luntur, komo sanggeus jaman kamerdikaan mah. Najan kitu, nepi ka
kiwari, watek féodal téh kadang sok kaciri kénéh aya dina kahirupan
urang Sunda.
Kasenian
Kasenian Sunda anu masih populér di masarakat di antarana Wayang Golék,
tembang Cianjuran, penca, rupa-rupa ibing (jaipongan, tari merak, jsb.),
calung, degung, angklung, carita pantun, beluk, jsb.
Ngaran
Urang Sunda mah ilaharna maké ngaran anu basajan, kadang cukup ku
sakecap, bari jeung pondok. Ku ayana pangaruh Islam anu kuat, urang
Sunda loba nu maké ngaran nu nyokot tina 'asma'ul husna' digabung jeung
landihan tradisional. Mun dua kecap, kadang sok maké pola
"tolong-menolong" (suku kecap nu diulang), misalna Cécép Gorbacép, Asép
Gumasép, Didin Saépudin, jsb. Tapi, kitu sotéh ti golongan cacah, sabab
pikeun golongan ménak mah (baheula), biasana mah ngaranna diwangun ku
dua kecap, sahingga rada panjang. Misalna baé Umar Wirahadikusumah,
Ginanjar Kartasasmita, Huséin Jayadiningrat, Huséin Sastranegara, jsb.