Tarjamahan tina basa Sunda kiwari:
1.
kieu Carita Parahiyangan teh.
Sang Resi Guru boga anak Rajaputra.
Rajaputra boga anak Sang Kandiawan jeung Sang Kandiawati, duaan adi
lanceuk. Sang Kandiawan teh nyebut dirina Rahiyangta Dewaradja. Basa
ngajalankeun kahirupan sacara rajaresi, ngalandi dirina Rahiangta di
Medangjati, oge katelah Sang Lajuwatang, nya mantenna nu nyieun
Sanghiang Watangageung.
Sanggeusna rarabi, nya lahir
anak-anakna limaan, mangrupa titisan Sang Kusika, Sang Garga, Sang
Mestri, Sang Purusa, Sang Puntandjala, nya eta: Sang Mangukuhan, Sang
Karungkalah, sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba jeung Sang
Wretikandayun.
2.
Aya manuk ngaranna si Uwur-uwur, oge
katelah Si Naragati, nyayang di pangjarahan Bagawat Resi Makandria.
Anakna dihakan ku jaluna. Dicarekan ku bikangna. Carek bikangna: "Kacida
hinana, lamun urang teu boga anak teh. Bireungeuh tuh Bagawat Resi
Makandria!Tatapa soteh bane bae sangsara da henteu boga anak." Carek
Bagawat Resi Makandria: "Kumaha rek boga anak. Da kawin oge henteu." Ti
dinya, carek Bagawat Resi Makandria: "Aing dek indit ka Sang Resi Guru,
ka Kendan." Manehna datang ka Kendan. Carek Sang resi Guru: "Na nahaon
bejana, hidep Bagawat Resi Makandria, nu matak datang ka dieu?"
"Pangampura bae, saleresna aya piwartoseun. Dek nyuhunkeun pirabieun.
Lantaran kawartosan ku manuk si Uwur-uwur, nu nelah oge si Nagaragati.
Sanggemna kacida hinana, lamun urang teu gaduh anak." Carek Sang resi
Guru: "Jig hidep ti heula ka patapan deui. Anaking Pwah Rababu geuwat
susul Bagawat Resi Makndria. Lantaran nya manehna pijodoeun hidep teh,
anaking."
Pwah Rababu terus nyusul, dating
ka patapan Sang Resi Makandria, teu diaku rabi. Kabireungeuheun aya
widadari geulis, ngarupakeun Pwah Mandjangandara, nya geuwat Rasi
Makandria ngajadikeun dirina Kebowulan. Terus sanggama. Carek Sang Resi
Guru: "Enten, anaking Pwah Sanghiang Sri! Jig hidep indit ngajadi ka
lanceuk hidep, ka Pwah Aksari Jabung." Ti dinya Pwah Sanghiang Sri indit
sarta terus nitis, nya lahir Pwah Bungatak Mangalengale.
3.
Carek sang Mangukuhan: "Nam adi-adi
sadaya urang moro ka tegalan." Sadatang ka tegalan, kasampak Pwah
Manjangandara reujeung Rakean Kebowulan. Diudag ku limaan, sarta
beunangna pada jangji, yen saha anu pangheulana keuna numbakna, nya
manehna piratueun. Keuna ditumbak ku Sang Wretikandayun, Kebowulan jeung
Pwah Manjangandara teh. Kebowulan lumpat ka patapan, sadatangna hos bae
paeh. Ku Sang Wretikandayun dituturkeun, kasampak pwah Bungatak
Mangalengale keur nyusu ka Pwah Manjangandara. Pwah Bungatak
Mangalengale teh ku Sang Wretikandayun di bawa mulang ka Galuh, ka
Rahiangta di Medangjati.
4.
Rahiyangan di Medangjati lawasna
ngadeg ratu limawelas taun. Diganti ku Sang Wretikandayun di Galuh, bari
migarwa Pwah ngatak Mangalengale. Ari Sang Mangukuhan jadi tukang
ngahuma, Sang Karungkalah jadi tukang moro, Sang Katungmaralah jadi
tukang nyadap sarta Sang Sandanggreba jadi padagang. Nya ku Sang Wreti
Kandayun Sang Mangukuhan dijungjung jadi Rahiangtung Kulikuli, Sang
Karungkalah jadi Rahiangtang Surawulan, Sang Katungmaralah jadi
Rahiyangtang Pelesawi, Sang Sandanggreba jadi Rahiangtang Rawunglangit.
Sabada Sang Wretikendayun ngadeg ratu di Galuh, nya terus ngajalankeun
kahirupan sacara rajaresi sarta ngalandi dirina jadi Rahiangta di Menir.
Dina waktu bumenbumen, harita teh nya nyusun Purbatisti. Lawasna jadi
ratu salapanpuluh taun. Diganti ku Rahiang Kulikuli, lawasna jadi ratu
dalapanpuluh taun. Diganti ku Rahiangtang Surawulan, lawasna jadi ratu
genep taun, katujuhna diturunkeun, lantaran goring lampah. Diganti ku
Rahiangtang Pelesawi, lawasna jadi ratu saratusdualikur taun, lantaran
hade lampah. Diganti ku Rahiangtang Rawunglangit, lawasna geneppuluh
taun.
5.
Diganti ku Rahiangtang Mandiminyak.
Anak Rahiangta di Menir teh aya tiluan, nu cikal nya Rahiang Sempakwaja,
ngadeg Batara Dangiang Guru di Galunggung; Rahiangtang Kidul, ngadeg
Batara Hiang Buyut di Denuk; Rahiangtang Mandiminyak ngadeg ratu di
Galuh. Carek Sang Resi Guru: "Karunya aing ku Rahiang Sempakwaja henteu
boga pamajikan. Anaking Pwah Rababu! Hidep leumpang ungsi Rahiang
Sempakwaja, lantaran aya manehna pibatureun hidep tatapa."
Sang Resi Guru ngagesek totopong jadi jaralang bodas, nya indit nyampeurkeun Rahiang Sempakwaja, nu harita kabeneran keur ngawelit. Carek Sanghiang Sempakwaja: "Na naha nya aya jaralang bodas etah?" Cop nyokot sumpit, terus diudag rek disumpit. Pwah Rababu kapanggih eukeur mandi di talaga Candana. Carek Rahiang Sempakwaja: "Ti ma etah nu mandi?" Sampingna dileled ku sumpit, beunang. Aya baturna para Pwah Aksari, tuluy lalumpatan ka tegalan. Pwah Rababu dibawa ku Rahiang Sempakwaja, dipirabi. Kacida dipikaasihna. Nya lahir anakna lalaki duaan, nya eta Rahiang Purbasora jeung Rahiang Demunawan.
6.
Barang ngadenge tatabeuhan ngaguruh
teu puguh rungukeuneunana, tatabeuhan di Galuh, Pwah Rababu terus mulang
ka Galuh di dinya teh taya kendatna nu ngigel. Sadatangna kaburuan
ageung, cek Rahiangtang Mandiminyak: "Patih, na naon eta ateh?" "Bejana
nu ngigel di buruan ageung!" "Eta bawa pakean awewe sapangadeg, sina
marek ka dieu. Keun tanggungan aing. Geuwat bawa sacara paksa!" Patih
indit ka buruan ageung. Pwah Rababu dibawa ka kadaton. Dipirabi ku
Rahiangtang Mandiminyak. Kacida bogohna ka Pwah Rababu. Tina
sapatemonna, nya lahir anak lalaki dingaranan Sang Sena.
7.
Carek Rahiang Sempakwaja: "Rababu jig
indit. Ku sia bikeun eta budak ka Rahiangtang Mandiminyak, hasil jinah
sia, Sang Salahlampah." Rababu tuluy leumpang ka Galuh. "Aing dititah ku
Rahiang Sempakwaja mikeun budak ieu, beunang sia ngagadabah aing tea."
Carek Rahiangtang Mandiminyak: "Anak aing maneh teh, Sang Salah?" Carek
Rahiangtang Mandiminyak deui: "Patih ku sia budak teh teundeun kana
jambangan. Geus kitu bawa kategalan!" Dibawa ku patih ka tegalan,
Samungkurna patih, ti eta tegalan kaluar kila-kila nepi ka awang-awang.
Kabireungeuh ku Rahiangtang Mandiminyak. "Patih teang deui teundeun sia
nu aya budakna tea!" Ku patih diteang ka tegalan, kasampak hirup keneh.
Terus dibawa ka hareupeun Rahiangtang Mandiminyak. Dingaranan Sang Sena.
8.
Lawasna jadi ratu tujuh taun, geus
kitu Rahiangtang Mandiminyak diganti ku Sang Sena. Lawasna jadi ratu
tujuh taun, diganti lantaran dilindih ku Rahiang Purbasora. Kajaba ti
eta Sang Sena dibuang Gunung Merapi, boga anak Rakean Jambri. Sanggeusna
manehna sawawa indit ka Rahiangtang Kidul, ka Denuh, menta dibunikeun.
Carek Rahiangtang Kidul: "Putu, aing sangeuk kacicingan ku sia, bisi sia
kanyahoan ku ti Galuh. Jig ungsi Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang
Pandawa di Kuningan, sarta anak saha sia teh?" Carek Rakian Jambri:
"Aing anak Sang Sena. Direbut kakawasaanana, dibuang ku Rahiang
Purbasora." "Lamun kitu aing wajib nulungan. Ngan ulah henteu digugu
jangji aing. Muga-muga ulah meunang, lamun sia ngalawan perang ka aing.
Jeung deui leuwih hade sia indit ka tebeh Kulon, jugjug Tohaan di
Sunda." Sadatangna ka Tohaan di Sunda, tuluy dipulung minantu ku Tohaan
di Sunda. Ti dinya ditilar deui da ngajugjug ka Rabuyut Sawal. Carek
Rabuyut sawal: "Sia teh saha?" "Aing anak Sang Sena. Aing nanyakeun
pustaka bogana Rabuyut Sawal. Eusina teh, 'retuning bala sarewu', anu
ngandung hikmah pikeun jadi ratu sakti, pangwaris Sang Resi Guru." Eta
pustaka teh terus dibikeun ku Rabuyut sawal. Sanggeus kitu Rakean jambri
miang ka Galuh. Rahiang Purbasora diperangan nepi ka tiwasna. Rahiang
Purbasora jadina ratu ngan tujuh taun. Diganti ku Rakean Jambri, jujuluk
Rahiang Sanjaya.
9.
Carek Rahiang Sanjaya: "Patih, indit
sia, tanyakeun ka Batara Dangiang Guru, saha kituh anu pantes pikeun
nyekel pamarentahan di urang ayeuna." Sadatangna patih ka Galunggung,
carek Batara Dangiang Guru: "Na aya pibejaeun naon, patih?" "Pangampura,
kami teh diutus ku Rahiang Sanjaya, menta nu bakal marentah, adi
Rahiang purbasora." Hanteu dibikeun ku Batara dangiang Guru. Carek
Batara Dangiang Guru: "Rahiang Sanjaya, indit beunangkeun ku sorangan.
Elehkeun Guruhaji Pagerwesi, elehkeun Wulan, Sang Tumanggal, elehkeun
Guruhaji Tepus jeung elehkeun Guruhaji Balitar. Jig indit Rahiyang
Sanjaya, elehkeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan.
Maranehna meunang kasaktian, nu ngalantarankeun Sang Wulan, Sang
Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan henteu kabawah ku dangiang Guru.
Lamun kaelehkeun bener maneh sakti." Rahiang Sanjaya tuluy perang ka
Kuningan. Eleh Rahiang Sanjaya diubeuber, nepi ka walungan Kuningan.
Rahiang Sanjaya undur. "Teu meunang hanteu aing kudu ngungsi ka dieu,
lantaran diudag-udag, kami kasoran." Ti dinya Rahiang Sanjaya mulang
deui ka Galuh, Sang Wulan, Sang Tumanggal mulang deui ka Arileu. Rahiang
Sanjaya tuluy marek ka Batara Dangiang Guru, Carek Batara Dangiang
Guru: "Rahiang Sanjaya, naon pibejaeun sia, mana sia datang ka dieu?"
"Nya eta aya pibejaeun, apan kami dipiwarang, tapi kami eleh. Ti mana
kami unggulna, anggur kami diuber-uber ku Sang Wulan, Sang Tumanggal
jeung Sang Pandawa di Kuningan." Sanggeus kitu Rahiang Sanjaya tuluy
mulang ka Galuh.
10.
Carek Sang Wulan, Sang Tumanggal, sang
Pandawa di Kuningan: "Mawa pisajieun, urang miang ka Galunggung, pakean
lalaki sapangadeg, pangcalikan, munding sarakit, beas sacukupna pikeun
dahar." Sadatang ka Galunggung, eureun di Pakembangan. Kasampak ku
(Sang) Pakembangan. tuluy popojan ka Batara Dangiang Guru. Carek Batara
Dangiang Guru: "Aya beja naon?" "Pun Batara Dangiang Guru! Aya Sang
Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di Kuningan." "Kacida bagjana
sia datang ka dieu. Jung miang ka Galuh. Ondang Rahiang Sanjaya,
caritakeun, kudu mawa pisajieun, pakean lalaki sapangadeg, pangdiukan
wulung, munding sarakit?, kawali beusi jeung beas sacukupna pikeun
dahar." Sadatang sia ka Galuh, carek Rahiyang Sanjaya: "Aya pibejaeun
naon, sia Pakembangan?" "Kami teh dititah ku Dangiang Guru. Rahiang
Sanjaya supaya mawa pisajieun salengkepna. Aya Sang Wulan, Sang
Tumanggal jeung Sang Pandawa di Kuningan." Rahiang Sanjaya indit. Barang
nepi ka hareupeun Dangiang Guru, carek Dangiang Guru: "Rahiang Sanjaya!
Lamun kaereh ku sia Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di
Kuningan, aing bakal nurut kana sagala ucapan sia. Da beunang ku aing
kabawah. Turut kana ucapan aing. Da aing wenang ngelehkeun, hanteu
kasoran. Da aing anak dewata." Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa
di Kuningan kabawah ku Batara Dangiang Guru. Sang Wulan dijenengkeun
Guruhaji di Kajaron. Sang Tumanggal dijieun Guruhaji Kalanggara di
Balamoha. Sang Pandawa di Kuningan jadi Guruhaji Lajuwatang. Sang Puki
jadi Guruhaji di Pagerwesi. Sang Manisri dijadikeun Buyuthaden Rahesa di
Puntang. Buyuthaden Tujungputih di Kahuripan. Buyuthaden Sumajajah di
Pagajahan. Buyuthaden Pasugihan di Batur. Buyuthaden Darongdong di
Balaraja. Buyuthaden Pagergunung di Muntur. Buyuthaden Muladarma di
Parahyangan. Buyuthaden Batuhiang di Kuningan.
11.
Rahiyang Sanjaya tumetep di Medang
Ratu di Galuh, Sang Seuwakarma. Ari adina Ratu Galuh, miara sabaraha
hiji anak munding, nyieun padumukan pikeun muja. Pindah-pindah tempat,
sewabakti ka Batara Upati. (Nelah) Rahiang Wereh, nu matak disebut kitu,
waktu ditilar, adi lanceuk masih laleutik keneh. Teu tulus jadi ratu,
lantaran (huntuna) rohang, mangkana katelah Rahiang Sempakwaja. Rahiyang
Kidul oge hanteu bisa jadi ratu sabab burut, nya jadi Wikuraja. Sang
Seuweukarma jadi Tohaan di Kuningan, lahirna di patapan, enya eta anak
Rahiang Sempakwaja. Cek Rahiang Sanjaya: "Atuh masih pernah dulur aing,
aki! Lamun kitu mah karah. Ulah weleh mere bantuan ka aing, aki patih!"
Cek patih: "Muga-muga bae bisa deui urang ngamalkeun Sanghiang
Darmasiksa. Ulah teu digugu!" mongan para patih ka Rahiang Sanjaya:
"Lamun haying unggul perang, geura mangkat ti Galuh!" Prang ka
Mananggul, eleh sang ratu Mananggul, Pu Anala pamanggul juritna. Tuluy
ka Kahuripan, diperangan, eleh Kahuripan, Rahiangtang Wulukapeu taluk.
Tuluy ka Kadul, diperangan eleh Rahiang Supena, taluk. Tuluy ka Balitar,
diperangan, eleh sang ratu Bima. ti dinya Rahiang Sanjaya nyabrang ka
wilayah Malayu. Kemir diperangan, eleh Rahiangtang Gana. Perang deui ka
Keling, eleh Sang Sriwijaya. Perang ka Barus, eleh ratu Jayadana. Perang
ka Cina, eleh patih Sarikala darma. Mulang Rahiang Sanjaya ka Galuh ti
sabrang. Tunda.
12.
Rahiangtang Kuku, Sang Seuweukarma di
Arile, ngayakeun gempungan jeung para patih; raja dicaritakeun hal
pangajaran kaparamartaan. "Nam urang rek marek, mawa kiriman ka Rahiang
Sanjaya. Cokot emas sakati, lima boehna, bawaeun urang ka Rahiang
Sanjaya." Dina danget eta, oge di Galuh ngayakeun kumpulan jeung para
patih sakabeh. "Nam urang nyieun labur di jalan gede pakeun ngabageakeun
Sang Seuweukarma, lantaran enya eta Rahiang Kuku." "Barang datang ka
sisimpangan ka Galuh jeung ka Galunggung, dipapag, dihormat disayagian
cai pikeun sibanyo." Carek Rahiangtang Kuku: "Sang patih, bawa kami
marek ka rahiang Sanjaya. Tah emas sakati, lima boehna." Carek sang
patih: "Pun Tohaan! Boh emas boh beusi henteu diajenan ku Rahiang
Sanjaya. Nu diajenan teh ngan huripna jalma rea." Rahiangtang Kuku jadi
kabingungan. Terus mulang deui ka Arile. Carek Rahiangtang Kuku: "Na
naon pakeun urang bakti ka Rahiang Sanjaya?"
13.
Sakitu mulyana, ieu tangtu Rahiang
Sempakwaja. Ayeuna urang caritakeun Rahiangtang Kuku, indit ka Arile,
ngababakan di Kuningan. Kasohor Rahiangtang Kuku, enya eta Sang
Seuweukarma, ngadeg di Kuningan, anakna Rahiang Sempakwaja. Indung
bapana teh tempat panyaluuhan jalma rea. Dayeuh, desa, pulo jeung
sakurilingna: ti Keling bakti ka Rahiangtang Kuku; Rahiangtang Luda di
puntang; Rahiangtang Wulukapeu di Kahuripan; Rahiangtang Supremana di
Wiru; Rahiang Isora di Jawa sang ratu Bima di Bali (tar); di Kulon di
Tuntang Sunda nyabrang ka wilayah Malayu. Rahiangtang Gana ratu di
Kemir; Sang Sriwijaya di Malayu, Sang Wisnujaya di Barus, Sang Bramasidi
di Keling. Patihna Sang Kandarma di Berawan; Sang Mawuluasu di Camara
Upatah; Sang Pancadana ratu di Cina. Kabeh kabawah ku Rahiangtang Kuku.
Kabeh ngaku ratu ka nu calik di Saunggalah. Kabawah ku Sang Seuweukarma,
sabab Ngukuhan ajaran Dangiang Kuning. Di Galuh Rahiang Sanjaya
nanyakeun: "Kumaha sang patih, pilukeun urang? Urang hanteu dianggap
kulawarga ku Rahiangtang Kuku. Sang patih! Jig indit sidikkeun ku
sorangan ka Kuningan. Bisa jadi urang dipajarkeun turut campur kana
karia, padahal urang henteu dibejaan, daek indit." Sang patih nepi ka
Kuningan, marek ka kadaton, terus ngabakti ka Rahiangtang Kuku. Carek
Rahiangtang Kuku: "Oh sang patih!Na naon bejana, mana dating ka dieu?"
Carek sang patih: "Kami dititah ku Rahiang Sanjaya. Diparentah
nyidikkeun ka dieu. Saha nu dijungjung, nu dijenengkeun ratu?" Carek
Rahiang Kuku: "Eh sang patih! Pantesna nya aing dijungjung dijenengkeun
ratu ku balarea. Ngan ti Rahiang Sanjaya mah henteu diharepkeun,
lantaran kulawarga, jeung moal ka kami mah, sabab dianggapna resep
maehan kulakadang baraya. Malah aing ditempatkeun ka Kuningan oge ku
Rahiang Sempakwaja. Aing beunang Rahiang Sempakwaja nempatkeun ka
Kuningan ieu teh. Mana aing teyu diganggu ku Rahiang Sanjaya." sang
patih mulang ka Galuh. Ditanya ku Rahiang Sanjaya: "Aki, kumaha carek
Rahiangtang Kukuka urang?" "Pun, Rahiang Sanjaya! Rahiangtang Kuku teh
tapana kataekan. Ngagem Sanghiang Darma kalawan Sanghiang Siksa. Tumut
kana wisik Sang Rumuhun, jadi lulugu dina Hirup kumbuh. Kukituna ku
urang turut tanpa rasa gigis. Tembongkeun ku urang, da urang jeung
Tohaan teh saturunan, kabeh ge pada-pada turunan dewata." Geuwat dicokot
pustaka ku Rahiang Sanjaya. Barang nepi terus diungkab eta pustaka teh.
Unina kieu: "Ong awignam astu, kretajugi balam raja kretayem rawanem
sang tata dosamem, sewa ca kali cab pratesora sang aparanya retuning
dewata, sang adata adining ratu dewata sang sapta ratu na caturyuga.
Sang Resi Guru tipekur di nu suni ngayuga Sang Kandiawan jeung Sang
Kandiawati. Nya puputra Rahiangtang Kulikuli, Surawulan, Rahiangtang
Pelesawi, Rahiangtang Rawunglangit, bungsuna Sang wretikandayun. Sang
Wretikandayun boga anak Rahiang Sempakwaja, Rahiang Kidul, Rahiangtang
Mandiminyak. Rahiangtang Mandiminyak boga anak Sang Sena, sang Sena boga
anak Rahiang Sanjaya." Awewe geulis, Dobana mawa parahu, panjangna
tujuh deupa, dibagian hareupna dimomotan rupa-rupa pakarang. "Urang ka
nusa Demba!" Nya terus maranehanana balayar. Kareungeu ku Sang
Siwiragati. Dek ngamuatkeun Pwah Sangkari Pucanghaji Tunjunghaji,
ditumpakkeun dina gajah putih. Kakara ge leumpang sapanjang buruan. Teu
disangka-sangka Rahiangtang Kuku, Sang Seuweukarma cunduk ka nusa Demba,
tuluy ka kadaton, diuk tukangeun Sang Siwiragati. Rahiangtang Kuku
diudag ku gajah putih, lumpat ka buruan mawa Pwah Sangkari. Henteu aya
balik deui ka kadaton gajah putih teh, ngawula ka Rahiangtang Kuku. Kuku
mulang deui ka Arile, dibawa dina gajah putih jeung Pwah Sangkari. Pwah
sangkari teh ngomong: "Naha henteu aya emas saguri, sapotong sapaha
jeung salengkepna papakean?" Tuluy bae ka Galuh, ka Rahiang Sanjaya,
henteu nyimpang ka Arile. Dibawa na gajah putih ditutup ku lungsir putih
tujuh kayu diwatangan mas mirah komara inten. Barang dating ti nusa
Demba, tuluy ka kadaton, sanggeus cunduk, Rahiangtang Kuku nyarita ka
Rahiang Sanjaya, naha mireungeuh gajah putih. Tanyana: "Mana?" Tuluy
gajah putih teh ditumpakan, Pwah Sangkari disanghareupkeun ka Rahiyang
Sanjaya. Sanggeus nepi ka padaleman, henteu balik deui. Carek Rahiang
Sanjaya: "Na naon nu jadi karempan teh? Ayeuna aing hayang runtut raut.
Aing jeung bapa, Rahiang Kuku, Sang Seuweukarma. Ayeuna aing moal
ngalawan. Ayeuna urang tetepkeun: tanah bagaian Dangiang Guru di tengah,
bagian Rangiang Isora ti Wetan; jauhna nepi ka kalereun Paraga jeung
Cilotiran, ti Kulon Tarum, ka Kulon bagian Tohaan di Sunda." Sanggeus
Rahiangtang Kuku mulang ka Arile, sadatangna ka Arile, putus hancana di
dunya, hilang dina umur nu kacida kolotna. Rahiang Sanjaya sasauran,
ngawulang anakna, Rakean Panaraban, enya eta Rahiang Tamperan: "Ulah
arek nurutan agama aing, lantaran eta aing dipikasieun ku jalma rea."
Lilana jadi ratu salapan taun, diganti ku Rahiang Tamperan.
14.
Mimiti Sang Resi Guru ngawangun kuta
pulo Jawa, kutana teh nyaeta Galunggung, ti wetana Jawa. Di wates Sunda,
aya pandita sakti, dipateni tanpa dosa, ngaranna Bagawal Sajalajala.
Atma pandita teh nitis, nya jadi Sang Manarah. Anakna Rahiang Tamperan
duaan jeung dulurna Rahiang Banga. Sang manarah males pati. Rahiang
Tamperan ditangkep ku anakna, ku Sang Manarah. Dipanjara beusi Rahiang
Tamperan teh. Rahiang Banga datang bari ceurik, sarta mawa sangu kana
panjara beusi tea. Kanyahoan ku Sang Manarah, tuluy gelut jeung Rahiang
Banga. Keuna beungeutna Rahiang Banga ku Sang Manarah. Ti dinya Sang
Manarah ngadeg ratu di Jawa, mangrupa persembahan. Nurutkeun carita
Jawa, Rahiang Tamperan lilana ngadeg raja tujuh taun, lantaran polahna
resep ngarusak nu tapa, mana teu lana nyekel kakawasaanana oge. Sang
Manarah, lilana jadi ratu dalapanpuluh taun, lantaran tabeatna hade.
Sang Manisri lilana jadi ratu geneppuluh taun, lantaran pengkuh ngagem
Sanghiang Siksa. Sang Tariwulan lawasna jadi ratu tujuh taun. Sang
Welengan lawasna jadi ratu tujuh taun.
15.
Enya kieu, mimiti Sang Resi Guru boga
anak Sang Haliwungan, nya eta Sang Susuktunggal nu ngomean pakwan
reujeung Sanghiang Haluwesi, nu nyaeuran Sanghiang Rancamaya. Tina
Sanghiang Rancamaya aya nu kaluar. "Ngaran kula Sang Udubasu, Sang
Pulunggana, Sang Surugana, ratu hiang banaspati." Sang Susuktunggal,
enya eta nu nyieun pangcalikan Sriman Sriwacana Sri Baduga
Maharajadiraja, ratu pakwan Pajajaran. Nu kagungan kadaton Sri
bima-untarayana madura-suradipati, nya eta pakwan Sanghiang Sri
Ratudewata. Titinggal Sang Susuktunggal, anu diwariskeunana tanah suci,
tanah hade, minangka bukti raja utama. Lilana ngadeg ratu saratus taun.
16.
Rahiang Banga lawasna ngadeg ratu
tujuh taun, lantaran polahna hanteu didasarkeun kana adat kabiasaan anu
bener. Rakean di Medang lilana ngadeg ratu tujuh taun. Rakeanta Diwus
lilana jadi ratu opatlikur taun. Rakeanta Wuwus lilana jadi ratu
tujuhpuluh dua taun. Nu hilang di Hujung Cariang lilana jadi ratu taun,
kaopatna teu cucud, lantaran salah lampah, daek ngala awewe ku awewe.
Rakean Gendang lilana jadi ratu tilulikur taun. Dewa Sanghiang lilana
jadi ratu tujuh taun. Prebu Sanghiang lilana jadi ratu sawelas taun.
Prebu Datia Maharaja lilana jadi ratu tujuh taun. Nu hilang di winduraja
lilana jadi ratu tilulikur taun. Nu hilang di Kreta lawasna jadi ratu
salapanpuluhdua taun, lantaran ngukuhan kana lampah anu hade,
ngadatangkeun gemah ripah. Diganti deui ku nu hilang di Winduraja,
henteu lila ngadegna ratu ngan dalapanwelas taun. Diganti ku Sang Rakean
Darmasiksa, titisan Sanghiang Wisnu, nya eta nu ngawangun sanghiang
binajapanti. Nu ngajadikeun para kabuyutan ti sang rama, ti sang resi,
ti sang disri, ti sang tarahan tina parahiangan. "Tina naon berkahna?"
Ti sang wiku nu mibanda Sunda pituin, mituhu Sanghiang Darma, ngamalkeun
Sanghiang Siksa. Boga anak nu hilang di Taman, lawasna jadi ratu genep
taun. Boga anak deui nu hilang di Tanjung, lilana jadi ratu dalapan
taun. Boga anak nu hilang di Kikis, lilana jadi ratu dualikur taun. Nu
hilang di Kiding, lilana jadi ratu tujuh taun. Boga anak Aki Kolot,
lilana jadi ratu sapuluh taun.
17.
Boga anak, Prebu Maharaja, lawasna
jadi ratu tujuh taun, lantaran keuna ku musibat, Kabawa cilaka ku
anakna, ngaran Tohaan, menta gede pameulina. Urang rea asalna indit ka
Jawa, da embung boga salaki di Sunda. Heug wae perang di Majapahit. Aya
deui putra Prebu, kasohor ngaranna, nya eta Prebu Niskalawastu kancana,
nu tilem di Nusalarang gunung Wanakusuma. Lawasna jadi ratu saratus opat
taun, lantaran hade ngajalankeun agama, nagara gemah ripah. Sanajan
umurna ngora keneh, tingkah lakuna seperti nu geus rea luangna, lantaran
ratu eleh ku satmata, nurut ka nu ngasuh, Hiang Bunisora, nu hilang di
Gegeromas. Batara Guru di Jampang. Sakitu nu diturut ku nu ngereh lemah
cai. Batara guru di Jampang teh, nya eta nyieun makuta Sanghiang Pake,
waktu nu boga hak diangkat jadi ratu. Beunang kuru cileuh kentel peujit
ngabakti ka dewata. Nu dituladna oge makuta anggoan Sahiang Indra.
Sakitu, sugan aya nu dek nurutan. Enya eta lampah nu hilang ka
Nusalarang, daek eleh ku satmata. Mana dina jaman eta mah daek eleh ku
nu ngasuh. Mana sesepuh kampung ngeunah dahar, sang resi tengtrem dina
ngajalankeun palaturan karesianana ngamalkeun purbatisti purbajati 35).
Dukun-dukun kalawan tengtrem ngayakeun perjangjian-perjangjian make
aturan anu patali jeung kahirupan, ngabagi-bagi leuweung jeung
sakurilingna, ku nu leutik boh kunu ngede moal aya karewelanana, para
bajo ngarasa aman lalayaran nurutkeun palaturan ratu. Cai, cahaya,
angin, langit, taneuh ngarasa senang aya dina genggaman pangayom jagat.
Ngukuhan angger-angger raja 36), ngadeg di sanghiang linggawesi, puasa,
muja taya wates wangenna. Sang Wiku kalawan ajen ngajalankeun
angger-angger dewa, ngamalkeun sanghiang Watangageung. Ku lantaran
kayakinan ngecagkeun kalungguhanana teh. Diganti ku Tohaan Galuh, enya
eta nu hilang di Gunung tiga. Lawasna jadi ratu tujuh taun, lantaran
salah tindak bogoh ka awewe larangan ti kaluaran.
18.
Diganti ku Prebu, putra raja pituin,
nya eta Sang Ratu Rajadewata, nu hilang di Rancamaya, lilana jadi ratu
tilupuluhsalapan taun. Ku lantaran ngajalankeun pamarentahanana ngukuhan
purbatisti purbajati, mana henteu kadatangan boh ku musuh badag, boh ku
musuh lemes. Tengtrem ayem Beulah Kaler, Kidul, Kulon jeung Wetan,
lantaran rasa aman. Teu ngarasa aman soteh mun lakirabi dikalangan jalma
rea, di lantarankeun ku ngalanggar Sanghiang Siksa.
19.
Diganti enya eta ku Prebu Surawisesa,
anu hilang di Padaren, Ratu gagah perkosa, teguh jeung gede wawanen.
Perang limawelas kali henteu eleh. Dina ngajalankeun peperangan teh
kakuatan baladna aya sarewu jiwa. Perang ka Kalapa jeung Aria Burah.
Perang ka Tanjung. Perang ka Ancol kiyi. Perang ka Wahanten Girang.
Perang ka Simpang. Perang ka Gunungbatu. Perang ka Saungagung. Perang ka
Rumbut. Perang ka Gunungbanjar. Perang ka Padang. Perang ka Pagoakan.
Perang ka Muntur. Perang ka Hanum. Perang ka Pagerwesi. Perang ka
Madangkahiangan. Ti dinya mulang ka pakwan deui. Hanteu naunan deui.
Ratu tilar dunya. Lawasna jadi ratu opatwelas taun.
20.
Prabu Ratudeawata, enya eta nu hilang
kasawah-tampian-dalem. Ngajalankeun kahirupan saperti rajaresi. Tanpa
Pwah Susu. Disunatan, maksudna supaya bersih, suci tina kokotor ari
dikumbah, disunat ku tukangna, pituin Sunda eta teh. Datang huru-hara,
musuh loba teu kanyahoan ti mana asalna. Perang di buruan ageung. Tohaan
Sarendet jeung Tohaan Ratu Sanghiang kasambut. Aya pandita sakti
dianiaya, pandita di sumedang. Sang pandita di Ciranjang dipaehan tanpa
dosa, katiban ku tapak kikir. Sang pandita di Jayagiri digubruskeun ka
sagara. Aya pandita sakti taya dosana. Munding Rahiang ngaranna,
digubruskeun ka sagara, henteu paeh, hirup keneh, ngilang tanpa
ninggalkeun ragana di dunya. Katelah ngaranna Hiang Kalinganja. Ku
lantaran eta masing iatna anu masih tinggal di belakang kali, ulah arek
hirup api-api pupuasaan. Tah kitu kaayaan jaman susah teh. Prebu
ratudewata, lilana jadi dalapan taun, kasalapanna tilar dunya.
21.
Dan taun, lantaran ratu lampahna
cilaka ku awewe. Larangan ti kaluaran jeung ku indungtere. Mindeng
maehan jalmaiganti ku Sang Ratusakti Sang Mangabatan di Tasik. Enya eta
anu hilang ka Pengpelengan. Lilana jadi ratu dalap tanpa dosa, ngarampas
tanpa rasrasan, hanteu hormat ka kolot, ngahina pandita. Ulah diturut
ku nu pandeuri, lampah ratu kitu mah. Tah kitu riwayat sang ratu teh.
22.
Tohaan di Majaya eleh perang, lantaran
kitu hanteu cicing di kadaton. Manehna nu nyipta sanghiang Panji,
ngendahan kadaton, dibalaj diatur mirupa taman mihapitkeun panto
larangan. Nu ngawangun bale bobot tujuhwelas jajar, diukir diparada
diwujudkeun rupa-rupa carita.
23.
Dina jaman jalma sajagat hanteu
ngalaman kajahatan disebutna jaman kreta. Henteu aya nu ngajadikeun
ancurna jagat. Dina jaman dopara, jaman parunggu, saterusna diganti ka
jaman kali, jaman beusi, Sang Nilakendra, dilantarankeun lila teuing
dina kasenangan, ngumbar hawa napsu. Bogana anak, kana hatena geus
kaancikan ku rekadaya, nya nurunkeun pertapa, incu pateterean. Inuman
keras dianggapna saperti cai wujudna godaan napsu. Jelema nu ngahuma
rewog baranghakan, teu gumbira lamun teu pepelakan. Lila ratu ngalajur
napsu dina barang dahar, teu nurutkeun adat kabiasaan, enggoning ngumbar
kasenangan borakborak da nganggap saluyu jeung kabeungharanana. Lilana
jadi ratu genepwelas taun.
24.
Diganti ku Nusia Mulya. Lilana jadi
ratu duawelas taun. Mimiti datangna perobahan. Buana lemes nyusup ka nu
kasar, timbul karusakan ti Islam. Perang ka Rajagaluh, eleh Rajagaluh.
Perang ka Kalapa eleh Kalapa. Perang ka Pakuan, perang ka Galuh, perang
ka Datar. Perang ka Mandiri, perang ka Patege, perang ka Jawakapala,
eleh Jawakapala. Perang ka Gegelang. Meuntas perang ka Salajo, kabeh
eleh ku urang Islam. Kitu nu matak kabawah ku Demak jeung ti Cirebon.
Dicutat tina: Atja (1968) Carita Parahiyangan: Naskah Titilar Karuhun Urang Sunda. Bandung: Jajasan Kebudajaan Nusalarang.